Monday 21 January 2013

naskah drama sunda 5

Naskah Drama Sunda
  • Arif Mulyadi                      : Bu RT
  • Dede Ahmad                     : Sanip
  • Deni Sutiawan                  : Hansip
  • Dias Herdiansah               : Juhro
  • Edwar Setiadi                   : Aje’n
  • Ipan                                  : Ujang
  • Jajang Saepurohman      : Pa RT
  • Rudi Faisal Ahmad          : Pembaca Prolog dan Epilog


Garong Jenius
Di de’sa bojong ribut ye’n aya garong nu sok nga rarad sakur nu aya dihareupeuna. Hansip be’ak carita miskin pangakalan sangkan bisa ne’wak e’ta garong.

Dina hiji peuting, hansip keur ngaronda. Mane’hna ngomong sorangan “ duh kieu nya jadi hansip de’sa terpencil mah sugan ngaronda te’h disuguhan cikopi jeung roti titatadi kalah nguyup angin kulantaran hoyong molor”.
Keur kitu torojol Ujang, jelema jangkung badag nu titahan RT keur jadi kaamanan ronda peuting ayeuna sakalian ngabaturan hansip.
Ujang             : Assalamualaikumm Sip !
Hansip            : Waalaikum salam, wah jadi silaing kadieu ?
Ujang             : Eh da amanah Sip. Kuring mah diutus langsung ku pa RT jeung mawa cikopi keur hansip ceunah keur ubar tunduh.
Hansip            : Cing atuh kadieukeun mana cikopi na???
Ujang             : ke’heula, diperjalanan te’h kuring inget ceuk pa RT, lamun tunduh nginum cikopi, tah kaleresan simkuring te’h nuju tunduh nya dileguk we ku simkuring te’h!!
Hansip            : Euhh ,,, mane’h mah sarua we’ jeung bohong atuh kitu mah.
Sabot kitu dating si Juhro, tikukurusak terus nyodorkeun leungeun sasalaman.
Juhro              : Sip, kumaha jadi ngurilingan kampung te’h?
Hansip            : Jadi atuh, kan keur kasalametan warga urang ke’ne’h supaya aman,tentrem,nistamaja utama, sejahtera,Jsb.
Juhro              : tapi abdi mah bingung lamung papangih jeung garong , kudu kumaha newakna?
Ujang             : Keun serahkeun tugas e’ta mah ka Ujang, urang kerekeb ! ! !
Di lain tempat 2 garong keur maling di salasahiji imah geus sukses abus. Abong garongna sagala dirarad, ka katel – katel wae’ di badog jeung peralatan se’je’nna. Caritana keur di dapur.
Sanip              : Buru lalaunan – lalaunan ! ! !
Aje’n              : Buru bantuan ! lain lalaunan – lalaunan !
Sanip              : Sip atuhh,, urang te’re’han asupkeun kana karungna
Aje’n              : Bawa tuh kate’l jeung sosodok !
Sanip              : Keur naon mane’h ? ngagarong mah sakur anu berharga wungkul ! ! !
Aje’n              : Ari mane’h kan tadi te’h ngagarong hayam, lamun de’k di telih kan kudu di gore’ng heula.
Sanip              : Heugg atuh !! ! Eh, ari hayamna mana?
Aje’n              : Geus aman diasupkeun kana kandangna, pokona mah sip lah!
Sanip              : ah ari kitumah anger we kudu ne’wak deui, belet siah !
Dijalan nu 3an keur tugas ronda
Ujang             : cik urang senteran, aya teu nya di belah ditu?
Juhro              : Sok urang marisah we’h ayeuna mah!Urang ka kulon,mane’h ka gigir, Sip maneh jeung urang !
Ujang             : Eh… siahh urang sorangan atuh..?? mane’h mah sok teu bale’g ah. Kumaha lamun papangih jeung garong? Kudu kumaha kuring??
Juhro              : pan tadi ceuk mane’h urang kerekeb geningan?
Ujang             : Heuuhh maksud te’h urang kerekebna ku 3an !
Hansip            : Geus  .. .geus . .  hayu urang babarengan we’h supaya alus jeung babari ne’wak garong na !
Di lain tempat .
Sanip              : Geus pamenangan mah hayu kabur !
Ajen                : Alah  . . .???Meunang naon ari mane’h??parabot dapur wungkul???
Sanip              : Cik ari mane’h kudu bersukur, meureun rejekina ngan sakieu . geus tong loba omong !
Ajen                : ieu jagong moal dibawa??
Sanip              : Jagong na urang mah hayang nu ngora , ieu mah naon kieu tina luarna ge’ geus kolot
Aje’n              : Sok pese’k heula atuh ! ragap ku mane’h!
Sanip              : Ari ieu buluan, berarti geus kolot atuh???
Aje’n              : Ahhh sia mah disaruakeun jeung jelema wae’ sagala te’h!
Saba’da kitu, Aje’n jeung Sanip kaluar ti Imah,terus lumpat ting ngaberetek alabatan jelema nu di udag bagong, lumpat tikukurusuk !
Ujang             : “Itu naon nu ngurusuk???”ucap lalaunan.
Juhrooo . . .Siippp  . . .kadieuu ,hayu urang tempo ! ! !. (ngagero babaturana nu papisah).
Juhro              : Hayu atuh urang tempo
Hansip            : Buru berik ku marane’h, kuring ngomando tidieu (bari tetege’h)
Si Ujang jeung Juhro tuluy merik, sihore’ng nu nyurigakeun te’h, bener garong. Tuluy ngagorowok ka si Hansip da geus kapanggih.
Ujang             : Sipp . . . Buru kadieu, Garong geus beunang yeuh ! ! !
Hansip            : ke’heula kuring kadinya.
Teu lila, Hansip geus di TKP, tuluy nanya ka Juhro jeung Ujang.
Hansip            : geus alus lah gawe’ marane’h Jang, Ro. Mane’h deuih garong moal salamet gara – gara ngalanggar aturan di De’sa Bojong mah !
Aje’n              : Naon buktosna pa ye’n kuring garong?pami nu di gigireun kuring mah duka teuing tah, da e’ta gening mawa karung?
Sanip              : Sumuhun Pa, eleuhh siahh .. .sia nuduh ka kuring??hayu urang buktikeun di me’ja pangadilan.(Bari sora tarik)
Aje’n              : Ijin heula Pa, kango perkara kieu mah perkara serius, kuring jeung si e’ta  bade nguruskeun ka me’ja he’jo.
Ujang             : Ahh maenya siah aya pangadilan peuting,geus ngarampih atuh hakimna ge’!
Juhro              : Bawa we’h ka RT, tong loba omong !
Sanggeus kitu, nu limaan e’ta ngingkig ka RT nu di maksud e’de’k ngabe’re’skeun e’ta masalah. Si Aje’n jeung Sanip geus rada geumpeur ye’n nu di datangan te’h imah nu tadi di garong ku marane’hna.
Hansip            : Assalamualaikum Pak RT?(ting gorowok Hansip, Ujang jeung Juhro)
Di jero imah, ibu RT ngahare’wos  jeung noe’lan ka caroge’na.
Ibu RT             : Bapa, aya tamu wengi – wengi te’h,meni rebut.
Pak RT            : keun atuh Bu, wengi ayeuna mah lire’n heula da masih tiasa mingon payun. Bapa na carape’ ayeuna mah
Ibu RT             : Ehh ari Bapa, dangukeun gera aya nu keketrok, nya ngajorowok deuih . si Bapa mah sok kamana wae’
Pak RT            : Wahh . .  . .enya geningan , , ,hayu atuh urang sampeurkeun, manawi te’h ibu ngajakan anu. Hehe . . .
Teu kungsi lila Pak RT make’ sarung jeng kopeah meleteng,ngingkig muka konci panto.
Pak RT            : Aya naraon ieu te’h? ngagaranggu kanu sare’ wae’? (Bari semu tunduh)
Hansip            : Lapoorrr Pa . .Simkuring parantos kenge’ng garong pa ,dua ieu te’h !bade’ dikumahakeun pa?
Pak RT            : Sok kajero heula we’h jeung marane’h urang rundingkeun. .  . Kela sakeudeung . .
Bu. . bade aya tamu, gera di acuk heula (ngagorowok ka jero imah)
Anu limaan tadi, jeung Pa RT na ka jarero imah, bari ngarundingkeun .
Pa RT              : Cing sok, Sip. Caritakeun kumaha mimitina ieu te’h?
Hansip            : kieu pa, tadi simkuring sareng re’re’ncangan ronda nguriling kampung. Aya nu kekeresekan, ku simkuring dite’ang, tah ieu nu 2an nu dibawa ayeuna.
Mangga we’h teu langkung Pa RT bade’ dikumahakeuna mah!
Si garong nu 2an galaleumpeur , Pa RT nanya ka si garong nu 2an.
Pa RT              : Naha bener maraneh te’h garong te’a??
Aje’n              : Punten Pa, abdi mah sane’s garong. Piraku garong ganteng kieu?? duka Pa anu di gigireun abdi mah da geningan nyandak karung(bari sora handap asor)
Ujang             : Ehhh . . Pa punten ngiring cumarios, piraku pa garong ngaku?da pasti sieuneun ngaku mah Pa.
Sanip              : Eleuhh eleeuhhh , , , wani – wani na e’ta nuduh ka kuring(bari molototan Aje’n), punten Pa, abdi mah da di piwarang ku Aje’n kieu ge’ pa.
Aje’n              : Iraha kuring nitah ka mane’h, Sanip??
Sanip              : Apanan . . .(Pa RT motong caritaan)
Pa RT              : Ahh tong ribut didieu atuh! . . nu mana ieu te’h atuh garongna?
Aje’n              : Pa sanes kirang sopan, kumaha Pa lamun ijin heula bade’ ka Pengadilan supados Bapa teu ka ganggu,wengi –wengi deui. Mun tos puguh garong na, abdi 2an kadieu deui!(Bari mawa karung)
Pak RT            : Tah kitu atuh , , ,jig indit heula we’h, ke’ geus puguh kadieu.
Aje’n jeung Sanip kaluar ti Imah Pa RT, diluar bari ngarobrol.
Aje’n              : Sanip, nanaonan mane’h tadi molototan kuring di jero Imah? Keuheul?
Sanip              : Ehhh urang mah kitu sote’h acting wungkul, pan ayeuna urang bisa kabur.
Aje’n              : E’h heeuh nya, alus lah otak mane’h!
Dua garong e’ta kalabur, di Imah Pa RT pada ngadagoan garong kalah nepi ka Isuk –isuk teu datang deui, sihore’ng sadar ye’n garong te’h nipu sarare’a. ku sabab tunduh ke’ne’h, nepi ka bisa ka tipu ku Garong.
Amanat Drama           :
Jadi, keur ngadorong zaman anu leuwih hade’ kahareupna, kaadilan te’h kudu ditingkatkeun deui dina ngajalankeunana . Misalna, di sakola kudu taat kana aturan. Teu pati beda di lingkungan masyarakat.