Pangenalan Tokoh
1. Asĕp : Asĕp tĕh nyaĕta lalaki anu ngabogaan watak bijaksana (protagonis), jeung boga perhatian leuwih ka nagara.
2. Sulĕ :
Ari Sulĕ mah lalaki anu ngabogaan watak teu boga pendirian, jeung sok
mimilu batur kamana waĕ ngeunahna, sok tara percaya ka diri sorangan.
(Tritagonis)
3. Mang Marwan
4. Pipit
Balĕ Politik
Dina
hiji poĕ aya si Asĕp keur calik dina balĕ dihandapan tangkal jambu
disisi jalan, manĕhna tĕh keur calik bari ngalamun. Teu lila deui datang
si Sulĕ anu datang bari lulumpatan jeung bari ngos-ngosan.
Asĕp
Horr.. kunaon atuh ari manĕh tĕh Sulĕ? Naha meni ngos-ngosan kitu siga diudag-udang ku anjing waĕ!
Sulĕ
Kuring tĕh rĕk kaditu tuh sĕp, ari anjeun rĕk muli moal.. tuh kaditu (bari nunjuk ka pengkolan)
Asĕp
Kaditu
tĕh kamana? Da embung deui urang mah mun nganteur anjeun ka si Pipit
deui, urang siga obat nyamuk nyaho teu didinya.. heuh.. embung deui
urang mah.
Sulĕ
Ĕh sanes kadinya deui atuh Asĕp! Tuh geura tempo, anak buahna mang Marwan rĕk dĕmo ka pamarĕntah.
Asĕp
Hah?
Anjeun teu salah deui? Arĕk ngadĕmokeun naon deui atuh maranĕh tĕh,
tuman sigana unggal taun tĕh dĕmo deui dĕmo deui, geus bosen.. ayeuna
manĕh deui pipilueun, heh Sulĕ manĕh tĕh anakna pa RT, manya teuing….
(can anggeus ngomong)
Sulĕ
Kajeun
atuh Asĕp, ari anjeun rĕk ngiluan mah heug baĕ da, hayu atuh urang
geura mangkat ngadĕmokeun ĕta tah kanaĕkan harga bĕngsin, beuuuhh.. ramĕ
siah sĕp, barudak meuni pa hoak-hoak!!! Silih timpug kaditu-kadieu,
timpugan panto hĕk DPR!!!
Asĕp
Hahahaha..
rĕk naon gunana atuh, nu kitu dipilueun manĕh tĕh, mending kĕnĕh
ngiluan rapat dĕsa atuh, leuheung aya mangpaatna, da harga bengsin ogĕ
ngan naĕk Rp 1500,- meni ngarambek kabina-bina atuh rahayat Indonĕsia
tĕh, duh gusti.. hampurakeun..
Sulĕ
Hĕh
manĕh ulah so’ kaya deuh Asĕp, urang gĕ nyaho da menĕh tĕh nyarios kitu
sabab manĕh teu boga motor jadi manĕh biasa waĕ aya kanaĕkan harga
bĕngsin.
Asĕp
Lainna
kitu Sulĕ, kuring tĕh nyarios kitu lain kuring geus ngarasa bĕbas jeung
kanĕkan harga bĕngsin! Sabab pamarĕntah tĕh naĕkan harga nanaonna da
moal samena-mena, pasti geus dipertimbangkeun heula, moal mungkin da
sadaĕkna.
Sulĕ
Heuh
pan ari jang urang gede mah moal nanaon rĕk naĕk harga naon waĕ gĕ, da
duitna gĕ menisaabreg-abreg komo deui mentri-mentri mah, duit rahayat
dipakĕ gigiber, unggal poĕ gigiber make duit rahayat. Coba ari urang rahayat biasa? Naĕk ngan Rp 1500,- gĕ kos nu pacekik beuheung, unggal poĕ kudu ngadahar sangu jeung uyah.
Asĕp
Heueuh sih..
Sulĕ
Teras teras?
Asĕp
Ayeuna
mah kiyeu deuh, ari barudak silih haraok jeung silih timpug kaditu
kadiyeu kana panto hĕk DPR, Ĕmang ĕta panto tĕh dijieun makĕ duit saha?
Sulĕ
Nyaa duit rahayat atuh Asĕp..
Asĕp
Tahh.. engkĕ mun ruksak, nu rugi kĕnĕh saha?
Sulĕ
Rahayat ogĕ sih..
Asĕp
Sulĕ..
urang mah laina sok ngaguruan ka anjeunnya, arurang komo deui atuh da
mahasiswa kĕnĕh tong sok pipilueun ka nu kitu, jang naon da, pamarĕntah
mah noal nguruskeun urang. Pan urang disakolakeun nya, ĕra atuh lamun
dĕmo dĕmo kitu, pan urang tĕh diajarkeun meren kumaha carana naroskeun
aspirasi, nah lamun aya kanaĕkan kieu tĕh kuduna mah urang tĕh
ngumpul,urang ruingkeun sarĕrĕa kumaha carana supaya harga bĕngsin teu
jadi naĕk..
Sulĕ
Heueuh nya, bener ogĕ sih..
Asĕp
Ĕra
atuh lamun aya urang luar anu nĕnjo, lamun mahasiswa urang tĕh bareuki
dĕmo, meuni nalangsa pisan, tibang kitu wungkul hahaha…
Sulĕ
Heuh sih, geus ah, urang rĕk balik heula..
Asĕp
Teu jadi dĕmo na Sulĕ?
Sulĕ
Henteu ah…
Sulĕ
ninggalkeun Asĕp dina balĕ ĕta sorangan, bari leumpang, Sulĕ mikir
bener ogĕ anu ditaroskeun ku si Asĕp tĕh. Dĕmo tĕh laina ngaluruskeun
masalah, kalahkah ngarieutkeun sareng ngarugikeun rahayat sareng
pamarĕntah.